Rabu, 15 Juni 2022

Jauh Panineungan ( Carpon Noer Listanto Alfarizi )

 Jauh Panineungan

Carpon Noer Listanto Alfarizi

( Pikiran Rakyat, 4 Juni 2022)

Sésa-sésa cai hujan nyalangkrung jadi cileuncang sapanjang jalan rék ka pajaratan, nggeus samingguan hujan marengan poé ka poé, ceudeum nggeus jadi baju pikeun langit beurang jeung peuting.

“Allohu akbar… Allohu akbar... Allohu akbar...”

sora takbiran ti tebéh kalér atra kadéngé, cacakan sajaman deui rek ka maghrib, nambahan kaketir jeung kakeueung. Kuring jeung babaturan nikreuh lalaunan bari milihan jalan sangkan teu tibelesek kana lombang jalan nu pinuh ku leutak.

Hujan ngaririncik , angin ngagelebug ngoyag-ngoyag dahan apritus, ngusik-ngusik tangkal cau nu jantungna nggeus leungit teuing ka mana.

“Di lebah mana makamna Ki Sudin téh, Mang?, babaturan nyeeletuk bari gujlang-gajleng milihan jalan.

“Asa na mah, mun teu poho, deukeut gawir, tonggoheun dapuran awi kebon Mang Dadang,” témbal kuring.

Ki Sudin nyaéta salasahiji kokolot di lembur kuring, lembur leutik handapeun gunung leutik  nu sok disebut Gunung Kukus. Disebut kitu téh, sabab baheulana unggal malam Jumaah sok loba nu ningali haseup ngelun di punncakna, siga aya nu keur ngukus keur sajén.

Jaman geus jauh lumpatna, geus loba robahna, hal-hal sarupaning kitu kiwari dianggap musrik jeung tojaiyah jeung akidah agama, cenah. Pamanggih jalma baheula tangtu béda jeung pamanggih jalma ayeuna, sabab lingkungan jeung kadaharan na gé jauh béda.

 Ki Sudin katelah bijak, tara nyarék arang nyawad kana hal-hal nu ceuk batur mah klenik atawa aya oge nu nyebut sésa animisme. Kungsi hiji waktu di lembur geunjleung sabab aya salasaurang warga nu nyebut yén solat cukup ku niat. Ngaran di lembur, mun aya nanaon téh sok jadi sabiwir hiji, nepika eta pasoalan nepi ka Ki Sudin.

“Nya éta mah pamanggihna, teu meunang gampang nyebut sasar ka batur, bisa waé éta mah lain sual bener jeung salah, tapi urang jeung manehanana béda, teu kabéh nu béda jeung urang meunang disebut sasar. Ah pokona mah teu hadé wé kalakuan siga kitu téh. Alusna mah tanya bener-bener, susuganan urang jadi meunang elmu, apanan elmu téh bisa ti mana wae, bisa tina daluang atawa ti papada urang,” ceuk Ki Sudin ka warga nu ngahajakeun datang pikeun nanyakeun pasualan nu ngabalukarkeun jadi geunjleung salembur.

Sanggeus aya jawaban ti Ki Sudin mah, lembur ayem deui sabihari, obrolan-obrolan di pangajian atawa di pos ronda balik deui kawas sasari: ngabahas harga cabé, racun keur hama tangkal tomat, harga engkol nu murah, jeung ngagibah saputar rumah tangga.

Sisi jalan gedé di lembur, ramé deui ku cacalakatan barudak ngora, bari gunjrang-genjreng gigitaran. Atuh teu arang oge bari marabok nu sakapeung mah ditungtungan ku kalakuan nu pikalucueun : budakna Mang Iyan kungsi tikusruk kana solokan, aya oge anu ujug-ujug indit ka masjid tuluy adan, atawa ceuceuleuweungan di tengah jalan.

Najan kalakuan na siga kitu, tapi lamun hiji waktu Ki Sudin ngaléwat, barudak hormat pisan, malah nu mabok parah gé bisa sadar heula, nu keur gelo gé éling heula. Ki Sudin tara nyaram, malahan sok ngelingan, “ulah peuting teuing bisi poho balik”. Barudak biasana sok ngajawab halon, “Muhun, Ki, sakedap deui uih”. Nya kuring gé sok kadang milu kumpal-kumpul di sisi jalan, tapi kuring mah teu nginum, ngan saukur resep gumbrang-gembréng gigitaran bari maturan barudak boh nu keur kasmaran boh nu pegat duriat.

 “Mang, asa seungit kembang euy, tingpuringkak bulu punduk kieu,” babaturan nyeletuk meupeuskeun lamunan dina pikiran kuring

Teu karasa asa cik kénéh ngobrol jeung Ki Sudin sual tahlilan, ayeuna kuring jeung batur-batur geus anjog ka lawang pajaratan, rék jarah ka makam Ki Sudin.

“Ah, teu kaambeu, atawa kami keur pilek meureunnya,” tembal kuring nu ngadeg hareupeun lawing pajaratan, nempo ka sisi ka gigir, karasa geueuman.

 Sabulan saméméh maot, sababaraha kali Ki Sudin ngobrolkeun sual tahlilan dina mimbar pangajian. Nu jadi cukang lantaranna, beuki saeutik nu arindit ka masjid sabab waktuna tahlilan bentrok jeung pangajian rutinan warga sa-RW.

Dina waktu keur usum sasalad atawa sok disebut pandemic téa, aya sababaraha warga nu maraot, tepi ka dina saminggu aya opat warga nu maraot, sabab musabab na mah bisa ku kasakit atawa bisa jadi katinggang patok ceuk kolot baheula mah.

 Geus jadi budaya di unggal lembur, unggal aya nu maot sok aya tahlilan ti hiji tepi ka ka tujuhna, kaopat puluhna, natus, haol. Ku sabab loba nu maot, jalma jadi kabagi-bagi arindit tahlilan, nu antukna kaciri pisan ngurangan mustami nu sok sila di jero masjid unggal pangajian.

 “Lain teu meunang, para bapa para ibu, tapi ulah nepi ka coréngcang pangeusi masjid téh. Apanan sarua kaditu ibadah kadieu gé ibadah. Nya meureun bédana di ditu mah aya opieun, di dieu gé aya ari cai-cai wae mah, tapi lamun rék maké hukum mah, nya leuwih wajib tolabul ilmi komo ieu bari ngama’murkeun masjid. Ulah nepi ka tempona aya nu maot, pangeusi masjid bisa dicirikeunnyaatan nana.

Apan bisa lamun digésér waktuna, nya sabada asar atuh, jadi marulang tahlil téh bisa langsung ka masjid, fardu kalakon sunnah kalampah,” Ki Sudin peupeujeuh ka para ahli pangajian, dina hiji waktu.

Kiwari, éta peupeujeuh Ki Sudin téh saeutik-saeutik digarugu ku masarakat, tahlilan nu biasana sok sabada magrib, jadi digésér waktuna ka sabada asar. Ki Sudin salasahiji guru ngaji di masjid jami lembur, boga murid nu teu saeutik, sawaréh muridna geus aya nu jadi ustad, ahli qiroat, malah aya nu geus jadi pingpinan pasantren. Ki Sudin salah sahiji guru nu ceuk paribasa mah wajib digugu jeung ditiru.

Nya Ki Sudin ogé salasahiji guru nu bisa kana élmu alat : nahu, sorof, jeung sajabana. “Urang téh kudu keueung lamun dina hiji lembur nggeus euweuh nu bisa ngaji alat. Naha bét kudu keueung? Sabab éta hartina geus euweuh nu bisa ngartikeun atawa narjamahkeun basa arab, apanan Qur’an téh maké basa arab,” ceuk Ki Sudin dina hiji waktu, basa keur ngajar murid-muridna.

Kuring jeung babaturan kaasup murid nu lila ngaji ka Ki Sudin, paling resep lamun geus ngaji bab kawin, sok loba seuseurian jeung gogonjakan nana, sainget mah kuring ngaji ngan semet ngalogat kitab muhtarol hadis, saréngsé ngalogat safinah jeung tijan. Ayeuna mah di pangajian lembur téh geus arang pisan manggihan nu ngalogat kitab, sabab kakurangan penerus, arang pisan nu ngaji élmu alat bari bisa ngalarapkeun atawa ngamalkeunnana.

“Ari didinya kunaon, Mang? Asa ngalamun wae ti tadi téh,” babaturan nanya bari nepak kana punduk

Astagfirulloh, reuwas ari maneh… Teu kunanaon, ieu jol asa waraas kieu nyawang mangsa katukang, ayeuna lembur téh geus euweuh paku bumian euy… Kasawang keueungna, geus euweuh kokolot, euweuh pakukumaha,” témbal téh

“Puguhan euy, urang gé keueung. Baheula mah urang mindeng kacarékan ku Ki Sudin téh mun geus nguseup di balongna, tapi da kadituna mah tara nanaon, malah urang sok éra sorangan,” témbal babaturan

“Nya atuh da manéh mah lain sauseup-useupna ari bari ngabringkeun barudak mah, sakalian wé bedahkeun balongna,”

“Waah, aya bahan urang diképrét tutung lamun kitu mah, haha” témbal babaturan bari nyakakak seuri.

Kuring jeung babaturan geus kukurilingan néangan makam Ki Sudin tapi teu kapanggih-panggih, hujan beuki kerep, sore beuki ceudeum poék mongkléng siga bakal hujan sabadag nanahaon.

“Lebah mana makamna teh, Mang? Asa na mah belah dieu,” ceuk kuring ka babaturan bari nuduhkeun hiji makam deukeut gawir tonggoheun dapuran awi.

“Enya euy urang gé jadi poho deui, asa pangling, biasana bala, gamblung, ayeuna bararesih kieu, tapi anéhna bet jadi leungit,” témbal babaturan hulang-huleng semu keueung

“Apanan isukan poénan Lebaran, sigana batur geus meresihan ti mimiti puasa atawa rewah,”

“Enya bisa jadi, urang-urang tambélar ieu mah euy, nepi ka poho deui makam guru sorangan. Hapunten Ki, abdi rumaos tambélar. Baheula diajarkeun ngadu’a téh ku Ki Sudin, geus gede mah arang pisan ngadu’akeun,” babaturan rus-ras sorangan bari nengetan sakuriling bungking

Tilu tangkal caringin ngabedega jangkung badar dina tetengger makam karuhun , sigana geus aya ratusan taun umurna. Sora uncuing nambahan kakeueung di soré nu angkeub jeung ketir, sora takbir silih témbal ti masjid-mesjid.

“…. Lailahailallohu wallohu akbar, Allohu akbar.. walilahil ham ..”

“Hapunten abdi gé, Ki, sami tambélar,” ceuk kuring mimiti ratug angen keueung teu pupuguh, culang-cileung di tengah-tengah pajaratan duaan jeung babaturan.

Pajaratan di kota béda jeung pajaratan di lembur, lamun pajaratan di kota mah makamna rapih, jalan ka makamna ditata bersih, katambah sok aya lampu jadi mun ti peuting ge caraang.

Ari Pajaratan di lembur, kadang lamun euweuh nu daek atawa rido ngurus beberesih mah, pajaratan téh gamblung pinuh ku jukut satangtung, makam nu ngan dicirian ku batu mah kadang sok ngaleungit cirina, sabab batuna kadang kasered ku cai hujan atawa katajong kunu ngudag langlayang mun usum halodo mah.

Plakk!

“Gera hudang maneh téh! Lain saré waé, pantes tamat puasa téh ari kabeuki héés mah. Hudang! Saré bada asar teh matak sasar, ulah dibiasakeun. Buru hudang geus maghrib,” Ema nepak suku kuring rada tarik tuluy indit ka dapur

Kuring hudang, sila dina kasur semu linglung, lulungu, ngarérét kana jam, jam genep kurang lima belas menit. Sakeudeung deui adan maghrib, poé panungtungan puasa taun ieu.

Ras inget kana ngimpi nu asa enya, linglung di tengah-tengah pajaratan, ras ingetan beuki jero pacampur jeung rasa rumasa kanu jadi guru : Ki Sudin, ayeuna geus taun kadua Ki Sudin ngantunkeun alam dunya.

Kuring nyambung-nyambungkeun kajadian dina pangimpian jeung kanyataan, masih ngahieng sora ema ngahudangkeun “saré bada asar téh matak sasar” inget deui ngimpi sasar di pajaratan.

Kuring cengkat, tuluy neuteup ka jandéla nu nyanghareup ka kalér semu ngulon kaciri tilu tangkal caringin badag siga ngahiap, langit angkeub siga nu di pangimpian.

Isuk kuring rék ka makam. ****

( dimuat di koran Pikiran Rakyat, 4 Juni 2022/ 4 Zulkaidah 1443 - Hapit 1955 )


Biodata Penulis : Noer Listanto Alfarizi, gumelar di Garut, 2 Pebruari. Nulis sajak jeung cerpén (carpon) dina basa Indonésia jeung Sunda. Ieu pangarang penikmat kopi jeung puisi anu gawe jadi patani jeung produsen kopi téh, karyana sumebar di sawatara media citak jeung daring. Lian ti éta téh aya oge nu sumebar dina buku antologi babarengan, di antarana dina buku puisi “Kota, Kubur Terbuka (Trubadour, 2017) jeung Kopi 1550mdpl (2016).

Noer Listanto kiwari aktip di Majelis Sastra Bandung, Ormas Oi ( kungsi nyepeng kalungguhan ketua Divisi Kesenian BPW Oi Jabar masa bakti 2015 – 2019 ), jeung komunitas budaya Ragha. Iwal ti éta, Noer Listanto kungsi milu “Temu Sastra Mitra Praja Utama ka-11 (2017) di Bandung jeung Seni Bandung #1 (2017).


Kamis, 03 Maret 2022

PETANI DAN RUANG SUNYI YANG KIAN TAK TERLINDUNGI

 PETANI DAN RUANG SUNYI YANG KIAN TAK TERLINDUNGI



Hari ini saya menyengaja berjalan-jalan ke selatan untuk mencari kitab pangan di tengah kemelut isu bangku kosong dan propaganda konspirasi pandemic, ya akhir-akhir ini sebagian banyak orang lebih sering mengeluh sebab dampak dari pandemic terhadap keberlangsungan dan kestabilan hidup.

 

Dalam perjalanan saya mendapati beberapa petani yang tengah asik menebar benih, mencangkul tanah, da nada pula yang tengah berkumpul berbincang sambil ngopi-ngopi melepas penat. Ada hal menarik ketika saya berjalan cukup jauh, saya menemukan seorang petani muda yang tengah tekun dan khusyuk mengikat pohon-pohon tomat yang mulai tumbuh berkembang, tak banyak memang sekarang para pemuda yang berprofesi sebagai petani, bahkan untuk di kampung ini sendiri (sebuah kampung kecil di kec. Cikajang, Garut) hanya sebagian kecil anak muda yang melanjutkan profesi orang tuanya sebagai petani, apalagi anak muda yang memang fokus bertani, cukup sulit ditemukan.

Pesatnya kemajuan dan informasi menyebabkan dunia pertanian lambat laun ditinggalkan oleh generasi berikutnya, tentunya ini menjadi persoalan, sebab sumber bahan pokok tentunya didapat dari mereka yang bertani, jika kita melihat lebih jauh para petani di zaman ini masih didominasi oleh orang-orang dahulu, yang mungkin untuk segi produktivitas sudah cukup menurun. Tak sedikit dari mereka yang awalnya bertani, tanahnya dijual untuk kepentingan industry, bahkan di beberapa tempat, sengketa tanah adalah sesuatu yang menyeret masyrakatnya sendiri ke meja pengadilan, tak jarang pula peperangan dimulai dari sengketa tanah. Skip

Peran pemuda masa kini atau yang lebih dikenal dengan istilah generasi milenial tentu penting, apalagi di wilayah lumbung pangan, sungguh mengerikan jikalau suatu saat nanti negri ini bergantung soal pangan ke negara lain. Banyak factor memang kenapa dunia pertanian kurang dilirik dan diminati oleh para generasi muda, sebab cara berpikir dan bekerja generasi sekarang yang serba instant, tentu kurang cocok untuk wilayah kerja yang penuh kesabaran , keuletan, daya juang yang tak sebentar. Ditambah profesi petani seringkali dikaitkan dengan profesi yang kolot, dan lebih sering mengalami kerugian, padahal pernyataan itu tak sepenuhnya benar.

Dalam masa pandemi yang sudah berlangsung hampir satu tahun ini, kita di hadapkan pada beberapa persoalan yang berkaitan dengan pangan, resesi ekonomi—kelangkaan bahan pangan, ini bisa memicu kekacauan dan mungkin dampak buruk lainnya kekurangan gizi bahkan sampai ke kelaparan. Tentu mesti ada upaya-upaya yang nyata, selain dari pemerintah, juga peranan dari generasi muda yang lebih banyak tersita waktu oleh gadget dan hal lainnya. Alangkah baiknya untuk kita kembali memeriksa meja makan, dari mana makanan itu dihasilkan, dan berupaya untuk menyelamatkan minimalnya keluarga dari kelangkaan bahan pangan dan gizi.

Persoalan pangan adalah pr bersama, apalagi di wilayah pertaniannya sendiri harga pangan kadang tak masuk di akal, dan di masa panen lebih sering para petani mengalami kerugian.


noer listanto alfarizi, 2022

PERSEMBAHAN

PERSEMBAHAN DARI KOPI SANGRAY

PERSEMBAHAN Tak ada yang benar-benar mesti diceritakan segalanya tumbuh tak tergesa melaju dengan kecepatan waktu seperti biji-biji kopi di ...

Kopi Sangray

Kopi Sangray

menjadi petani kopi

menjadi petani kopi